Sabtu, 19 Februari 2011

Tutulisan Story Sukaresik

Sabenerna mah kuring teh teu bisa tulas tulis teh, komo mun nulisna dicampur kubahasa humor jiga nu ges dipihelaan ku kang Encang jeng tulisan campur aduk jiga kang Arnov Setiabudi ngenaan masalah story Sukaresik. Tapi kusabab didorong ku hate, ditarik ku babaturan saperjuangan mikeun surat ka Cireong basa rek ngayakeun acara reproduksi tea, jeung deui ka jorongkeun ku ngenaan jalan carita nu di jieun ku para pendahulu simkuring alurna teh teu pararuguh, kasarna mah ngacapruk...(punten), tap untung teu jadi papasean nya lur. Komo da ari si sakadang encang jeung arnov mah 13 14 gening mun cek urang sunda mah (embung eleh)
Caritana mah kieu, presepsi simkuring bahela keur jadi mahasiswa idealis keneh yen program KKN teh teu kudu dilaksanaken, da ngahambur-hambur biaya jeng waktu wungkul, sok gera pikiran, timimiti mayar SKS na, neangan bekeul jang sabulanen hirup, ges puguh ari kudu patungan jang ngayaken acara mah, jeung deui pasti kahadiran mahasiswa teh masyarakat tempat KKN pasti di sakompet daunken. Anu ngarana mahasiswa teh pandangan masyarakat mah bisa sagala rupa, timimiti bisa ngaspal jalan, nyien jambatan, jeung nu lewih aneh mah osok oge dipake pananyaan, jeng deui mahasiswa teh sok dititah ngubaran budak nu gering, padahal kuring teh jurusan pendidikan. Sok hayang seuri sakapeng mah.

Nu hayang seri mah kieu, basa simkuring katugasan ku pak ketua (encang ZM) ngahadiran pangajian di Cireong, eweh persiapan sama sakali, duka teuing rek ngobrol naon, da basa harita keur simkuring menang sms di pak ketua teh keur gegelehean dina korsi hareup jeung my honey, eh aya sms ti pak ketu, kieu bunyinamah “ am, sory pang ngawakilan keun ngobrol ka masyarakat Cireong, bieu pak kuwu nga sms, engke jam 4 acarana “. Simkuring nampa sms teh jam tilu tepat lima belas menit deui waktuna mangkat ka Cireong.

Singkatna mah mangkat we kuring teh jeung si Jimbron, da mun sorangan mah sok eweh batur jang ngobrol di jalan, soalna jarak ti posko nepika tempat pangajian lumayan rada teubih, kira-kira 10 km. Jeung deui kunaon bet ngajak si Jimbron, soalna meh gampang di tutah titah, da mun ngajak sibudi mah sok kalah kah kabawa linglung, komo mun jeung si Trias mah, kalah ngebeaken waktu mun di ajak ngobrol teh (maklum, rada gagap).

Cek hate letik, kuanon teu jeung si arnov, ih….ari jeung si arnov mah ges puguh teu bisa ditutah-titah da manehna mah loba taktik busukna, nu engges-engges ge kalah urang nu jadi korban. Hahaha, mun carita kalicikan jeung kalucuan si Arnov jeung Encang di caritaken khusus dina tulisan nubakal di pedar waktu lian.

Balik deui ka masalah pangajian di Cireong, nepi we urang jeung si Jimbron teh ka tempat acara, barang turun dina motor, mata teh teu sangaja ningali ka belah mushola, bedul eta meni loba nu ngahadiran pangajian, tiluar meni pinuh nepika aya nu narantung ge, ges lir ari nudi jero mah ges teu kudu dicaritaken deui. Serrr…….dada meni asa murag kana taneh, jantung dagdigdug teu pararuguh, maklum da simkuring mah nembean atuh dititah ngobrol di harepeun ibu-ibu, bapak-bapak nu latar belakang pendidikan nol persen (punten lain ngarendahkeun). jadi sok bingung rek ngobrol naon nu kira-kira bisa nyambung.

punteun sanes sombong, dabiasana mah kuring teh ngisi acara diskusi di hareupen mahasiswa, bari nudi obrolkeun na teh sok masalah sastra, kebahasaan, politik, jeung ngeunaan kajadian nu terkini. kuring mah baheula karena beda pandangan jeung pendapat nepika papasean. ges lir ari pasea ngenaan beda organisasi, meni asa pangbenerna we simkuring teh, mun kudu disebutkeun mah kuring teh pernah pasea jeung pak ketua ngenaan organisasi, tapi keun we eta mah da baheula, da ayeuna mah ges henteu, malah urang boga hutang ge can di bayar can di tagih-tagih (sory ang, can boga duit tiis)

Can ge kareuwas jeung dagdigdug cager, ehhh ibu-ibu jeung bapak-bapak nu aya di masjid marelongkeun jeung ngalantunkeun sholawat badar “ Tolaalbadru alaina, minsaniatil wada, wajabasyukru alaina mada allilla hida…………” der tah sholawatan eta teh teu daeken repeh samemeh urang diuk dina tempat paimbaran. Ngan untungna si Jimbron ngacungkeun lengen kaluhur, jiga Obade upacara nitah sholawat rapih, jigana mun teu di stop keun ku si Jimbron mah jigana rame ngaguroh eta masjid ku sholawat badar. Ahh, aing meni jiga nabi pas hijrah ka madinah, meni di sholawatan sagala.
Samemeh perwakilan ti KKN, pak kuwu rada ngaharewos bojong ka simkuring, “ yeuh am tuh tingali geura meuni pinuh kitunya masyarakatnya komo ibu-ibu jeung pamudina, biasana mah da tara kieu: jigana mah kusabab aya mahasiswa KKN ”, kuring mah ngan bisa ngajawab ku seri, teu lila pak kuwu nyarita deui, “ neng Neni ge aya am, tadi meni titurugtug hoyong ngahadiran pangaosan ”, can ge ngajawab obrolan pa kuwu, pembawa acara pangajian manggil.

Kanggo acara salajeungna, perkenalan ti mahasiswa KKN Unigal Ciamis, mangga dihaturanan, cek pembawa acara teh. Memeh nangtung urang nitip pesen ka si Jimbron, kade foto urang keur pidatonya.

Jlig kuring teh ka paimbaran, tuluy we ngucapken salam…
Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh…ber sora ngaguruh ngajawab salam.
Bapak, ibu, teteh samudayana: tipayun nyuhunkeun dihapuntun simkuring wawanian ngadeg dipayuneun sadayana, sanes bade mapatahan ngojay ka meri, da meri nage tilahir geus bisaeun ngojay, komo deui bade mapatahan naek ka monyet, da monyet nage tos palinter naek…muhun kitu ri, nyet???

Gerrrrrrr, atuh para hadirin teh saleuri……wkwkwkwkw
Keur gandeng silih jawab jeung masyarakat ngenaan sagala rupa, timimiti program-program KKN, program desa, ges lir ari nunanyakeun masih perjaka atau buka mah, komo mun ningali bu kuwu, meuni teu lepas w ningalikeun ka sim kuring jeung seuseurian we, tapi da di sidik-sidik lain ningalikeun raray kuring, ditingali sleting bisi can ditutupan, tapi da engges. Naha bu kuwu ningalikeun naon??
Ari geus turun tina paimbaran, kuring karak apal: ternyata bu kuwu teh ningalikeun saku calana tukang si jimbron, dina sakuna teh aya kaen nu nyeulap, duka selempak duka CD, perkiraan kuring mah eta teh nu teh ecin, tapak ngeulapkeun kana raray (versi Encang), jigana poho can disampaikeun deui. Tapi duka, boa-boa aya nu jail.


Insya allah, dilajeungkeun sanes waktos.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kiat Menuliskan Laporan Perjalanan

Kita semua pasti pernah melakukan perjalanan, entah ke luar kota, entah ke mancanegara, entah ke kutub selatan dan utara, atau cuma meneng...